إِنَّ
الَّذِيْ يَلْزَمُنَا فِعْلُهُ لِلْمَيِّتِ الْمُسْلِمِ- غَيْرِ الشَّهِيْدِ ، وَلَوْ غَرِيْقًا،
وَقَاتِلَ نَفْسِهِ، وَسِقْطًا عُلِمَتْ حَيَاتُهُ - خَمْسُ خِصَالٍ:
اْلاَوَّلُ
: غُسْلُهُ.
الثَّانِي : تَكْفِيْنُهُ.
الثَّالِثُ : الصَّلَاةُ عَلَيْهِ.
الرَّابِعُ : دَفْنُهُ.
الثَّانِي : تَكْفِيْنُهُ.
الثَّالِثُ : الصَّلَاةُ عَلَيْهِ.
الرَّابِعُ : دَفْنُهُ.
اْلخَامِسُ
: حَمْلُهُ إِلَى اْلقَبْرِ
Ari saestuna perkara anu
wajib (fardhu kifayah) ka urang sadaya (naon) migawena ka saurang mayit muslim –
salian Syahid, sanajan titeuleum, maehan maneh, jeung orok prematur (kaluron) anu
lahir masih hirup, eta aya 5 perkara :
1. Ngadusan na (mayit) / nyiramanna
2. Mungkusanna (mayit)
3. Nyolatanna (mayit)
4. Nguburkeunna (mayit)
5. Mawana (mayit) ka pajaratan
DOA MEUREUMKEUN SOCA MAYIT
ويسن تغميض عينيه، وأن يقول مغمضه :
Disunahkeun mayit anu anyar maot supados ditutup dua
socana, anapon pikeun jalmi anu midamelna ngucapkeun:
بِسْمِ اللهِ وَبِاللهِ وَمِنَ اللهِ وَإِلَى اللهِ وَعَلَى مِلَّةِ
رَسُولِ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ
Kalayan nyeubat Jenengan Allah, Kalawan Allah, ti Allah sareng ka Allah,
sareng neteupan kana agama Rasulullah Saw.
اَللهم
اغْفِرْ لَهُ وَارْحَمْهُ وَارْفَعْ دَرَجَتَهُ فِي الْمَهْدِيِّيْنَ وَاخْلُفْهُ فِي عَقِبِهِ فِى اْلغَابِرِيْنَ وَاغْفِرْلَنَا
وَلَهُ يَارَبَّ اْلعَالَمِيْنَ وَافْسَحْ
لَهُ فِي قَبْرِهِ وَنَوِّرْ لَهُ فِيْهِ
Nun Gusti Allah mugi ngahampura Gusti ka anjeunna (ieu mayit lalaki) sareng mugi ngarohmat Gusti ka anjeunna (ieu mayit lalaki), sareng mugi
ngaluhurkeun Gusti kana darajat anjeunna (ieu mayit lalaki) kana tingkat
pirang-pirang jalmi anu kengeng pituduh, sareng mugi ngagantikeun Gusti ka
anjeunna (ieu mayit lalaki) dina waktu anu bakal dongkap, tina turunan anjeunna,
sareng mugi ngahampura Gusti ka abdi sadaya sareng ka anjeunna (ieu mayit
lalaki), hei Gustina sadaya alam, mugi
ngarubakkeun Gusti ka anjeunna (ieu mayit lalaki) dileubeut kuburna, sareung
mugi nyaangkeun Gusti ka anjeunna (ieu mayit lalaki) dileubeut kuburna.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar