al-isti’arah / iinjeuman kecap



GAYA BASA BABANDINGAN DINA ELMU MA`ANI (BALAAGHOH)


Wangenan al-isti’arah (iinjeuman kecap)  nyaeta:”

اْلإِسْتِعَارَةُ هِىَ مَجَازٌ عَلَاقَتُهُ الْمُشَابَهَةُ
Injeuman anu hubunganna mangrupi musyabahah (sasarupaan).
Ari al-isti’arah (iinjeuman kecap)  eta kabagi 2 :”



1.     isti’arah tashrihiyyah, dina basa sunda disebat gaya basa Lalandian (metafora), anu dipake mapandekeunana (panglandina) bisa mangrupa barang hirup bisa oge barang paeh, anu penting mibanda sifat anu sarua.

Wangenan Isti’arah Tashrihiyyah nyaeta:
ما صُرِّحَ فِيْها بلفظ المشبّه به
Isti’arah anu musyabbah bih-na ditegeskeun (dieceskeun/diantebkeun).
Dina kitab sanesna, wangenan Isti’arah Tashrihiyyah nyaeta:

هي التي يُصرّح فيها بذات اللفظ المستعار
Isti’arah anu dipieces kalawan lafadz musta’arna sorangan.


 Contona:”
A.    Untung we kiperna “Si Gegep”, lamun lain manehna mah, lah duka teuing. (kekecapan Si Gegep dipake pikeun ngalandi kiper anu tapis newak bal na; dipapandekeun kana pasipatan Gegep anu nyakup pageuh upama dipake nyabut paku jeung sajabana).
B.    Bejana cenah Mang Aden teh rek nanggap “Si Geureuleung” (kekecapan “Si Geureuleung” dipake pikeun juru kawih anu sorana lepas, gancang, tur lancar kawas nu ngageureuleung).
C.    Sora “Si Jalak Harupat” anu harus, aweuhanana kadenge ka sakuliah indonesia. (kekecapan “Si Jalak Harupat” dipake pikeun panglandi pikeun Pa Oto Iskandar di Nata; dipapandekeun kana hayam adu wedalan Ciparage anu garung, tur tara kongkorongok salah mangsa ).

D.    Allah SWT ngadawuh dina Al-Quran Serat Ibrahim ayat 1:


كِتَابٌ أَنزَلْنَاهُ إِلَيْكَ لِتُخْرِجَ النَّاسَ مِنَ الظُّلُمَاتِ إِلَى النُّوْرِ

(ieu nyaeta) Kitab anu kami turunkeun ka anjeun supados anjeun ngaluarkeun manusa ti poek mongkleng kana cahya caang ngempray....... (tegesna ngaluarkeun manusa tina kasasaran ngajugjug kana pituduh)
Dina conto di luhur lafadz majazina nyaeta الظلمات (popoek)  jeung النور (cahya). Naha leres Al-Quran tiasa ngaluarkeun manusa ti popoek ka alam anu caang ngempray? Tangtosna henteu,margi anu dimaksad ku Allah SWT dina dawuhan-Na nyaeta sanes hartos hakiki, ngaiwalkeun hartos majazi-na nyaeta الضلالة (kasasaran) jeung الهدى (pituduh). Dina eta ayat nu tos kasebat, Allah SWT nyumputkeun musyabbah-na jeung nembongkeun musyabbah bih-na kalawan eces.
E.    Al-Mutanabbi nyarios nalika anjeuna dipapag jeung digabrug ku jalmi anu dipujina:

فَلَمْ أَرَ قَبْلِى مَنْ مَشَى الْبَحْرُ نَحْوَهُ :: وَلاَ رَجُلاً قَامَتْ تُعَانِقُهُ الأُسْدُ

Teu acan kantos pribados ningal sateuacan pribados,  jalmi anu didongkapan ku sagara kalawan mapah, sareng henteu oge jalmi anu digabrug ku singa.
Dina pada (bait) Al-Mutanabbi di luhur ngawengku dua kecap majazi nyaeta الْبَحْرُ (sagara) jeung الأُسْدُ (singa). kecap الْبَحْرُ diisyaratkeun kalawan kalomanan hiji jalma , anapon kecap الأُسْدُ diisyaratkeun kalawan wawanen hiji jalma anu disarupakeun kalawan wawanen hiji singa.

F.    Anjeunna nyarios dina muji Saifud-Daulah:

أَمَا تَرَى ظَفَرًا حُلْوًا سِوَى ظَفَرٍ :: تَصَافَحَتْ فِيْهِ بِيْضُ الْهِنْدِ وِاللِّمَم؟

Naha anjeun terang hiji kameunang anu pohara endah salian kameunang anu di jerona silihsasalaman antawis pedang sareng mastaka?
Dina pada (bait) nu tos kasebat aya hiji kecap majazi nyaeta تَصَافَحَتْ (sasalaman) disarupakeun kalawan patepang atawa papanggih atawa papendak.


2.     isti’arah makniyyah, dina basa sunda disebat  gaya basa Mijalma (personifikasi)

Wangenan Isti’arah Makniyyah nyaeta :
ما حُذِفَ فيها المشبّهُ به و رُمِزَ له بشيءٍ مِن لوازمه
Isti’arah anu dipiceun musyabbah bih-na, jeung sebage isyarat ditetepkeun salah sahiji sifat khasna
Dina kitab sanesna, wangenan Isti’arah Makniyyah nyaeta:
هي التي لم يصرّح فيها باللفظ المستعار
Isti’arah anu henteu dipieces kalawan lafadz musta’arna sorangan.
Contona:”
A.    Tangkal kalapa gugupay, ngagupay pamayang nu keur ngambah sagara. (maenya aya tangkal kalapa gugupay kawas jelema bae).
B.    Sora suling ngabangingik ngagerihan hate anu kingkin. (piraku sora suling ceurik kanyenyerian nepi ka ngabangingik).
C.    Bulan anteng ngintip dina sela-sela camara. (geura etah aya bulan ngintip kawas lalaki cunihin).

D.    Allah SWT ngadawuh dina Al-Quran Serat An-Nahl ayat 91: 
وَأَوْفُوا بِعَهْدِ اللهِ إِذَا عَاهَدتُّمْ وَلَا تَنقُضُوا الْأَيْمَانَ بَعْدَ تَوْكِيدِهَا وَقَدْ جَعَلْتُمُ اللهَ عَلَيْكُمْ كَفِيلًا إِنَّ اللهَ يَعْلَمُ مَا تَفْعَلُونَ

“Jeung kudu nohonan araranjeun kana jangji Allah upama araranjeun jangji pasini jeung ulah ngabolaykeun araranjeun kana sumpah-sumpah (araranjeun) eta, saatos mengkuhkeunna,anapon araranjeun tos ngajantenkeun Allah salaku saksi araranjeun (kana sumpah-sumpah araranjeun eta). Saestuna Allah uninga naon anu araranjeun pidamel”.

di jero ayat eta kasebat, Allah ngangge kecap
تنقضوا (misahkeun) anu disarandekeun dina kecap الأيمان, padahal kecap تنقضوا  anu tos kasebat diangge pikeun hiji barang anu tela (nyata). Nanging, Allah nyarupakeun kecap الأيمان kalawan kecap الحِبال (tali), sahingga dina kalam-Na eta kasebat ngangge kecap تنقضوا  salaku sipat khas tina musyabbah bih anu dipiceun.

E.    Al-Hajjaj nganyatakeun dina salah sahiji biantarana:

إِنِّي لَأَرَى رُؤُوسًا قَدْ أَيْنَعَتْ وَحَانَ قِطَافُهَا وَإِنِّي لَصَاحِبُهَا
 
Saestuna pribados ningali sababaraha mastaka anu tos asak jeung tos dugi kana wanci panen na jeung ari abdi nyaeta anu bogana.
Dina biantara na, Al-Hajjaj nyarupikeun mastaka reujeung bungbuahan. salaku isyarat pikeun musyabbah bih anu dipiceun jeung ditetepkeun kecap anu nuduhkeun sipatna anu khas, nyaeta kecap أَيْنَعَتْ (asak)

F.    Saurang panyi`ir sasauran dina syi`irna:

وإِذَا المَنِيَّةُ أَنْشبتْ أَظفارَها :: أَلْفَيْتَ أنّ كل تَميمةٍ لا تَنْفَعُ

Lamun kapatian tos ngaranggeumkeun kuku-kuku na, anjeun bakal terang yen sadaya azimat eta moal aya mangpaatna.
Dina pada(bait) nu tos kasebat sang panyi`ir mangrupikeun kecap المنيّة (kapatian) reujeung kecap السبع (hiji sato predator). salaku isyarat dipiceun na musyabbah bih,mangka digantikeun kalawan sipat anu khas na nyaeta kalawan kecap الأَظفار (kuku). sabab biasana hiji sato predator ngabogaan kuku-kuku anu seukeut pikeun ngaranggeum mangsana kitu deui nalika saurang panyi`ir nyarupikeun kapatian kalawan predator nu tos kasebat.  sabab teu aya saurang oge anu tiasa nyingkir tina kapatian.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar