AL-TADHAD/AL-IDHDHAD (التضاد/الإضداد) (Antonim/ Antitesis Polisemi/ Kecap Sabalikna/ Lalawanan)
Wangenan kecap sabalikna nyaeta :
التضاد :هو أن يطلق اللفظ على المعنى
وضده
“Hiji kecap anu ngandung dua harti anu lalawanan”
التضاد
: هو عبارة عن وجود كلمتين فاكثر لها دلالة متضادة
“dua kecap atawa leuwih anu hartina ‘dianggap’ lalawanan”
Rupa-rupa Al-Tadhad
Idhdhad (kecap lalawanan) diwangun tina :
1) Lalawanan harti binary (pasangan)
Contona :
a. مَوْتٌ ( kapatian ) anu lalawanan harti reujeung حَيَاةٌ ( kahirupan )
b. رَجُلٌ ( lalaki ) anu lalawanan harti reujeung مَرْأَةٌ ( awewe )
c. ظُلْمَةٌ ( popoek ) lalawanan harti reujeung نُوْرٌ ( cahya )
Idhdhad (kecap lalawanan) diwangun tina :
1) Lalawanan harti binary (pasangan)
Contona :
a. مَوْتٌ ( kapatian ) anu lalawanan harti reujeung حَيَاةٌ ( kahirupan )
b. رَجُلٌ ( lalaki ) anu lalawanan harti reujeung مَرْأَةٌ ( awewe )
c. ظُلْمَةٌ ( popoek ) lalawanan harti reujeung نُوْرٌ ( cahya )
2) Lalawanan harti batingkat ( gradable )
a. كَبِيْرٌ ( ageung ),مُتَوَسِّطٌ ( meujeuhna/sedeng ),صَغِيْرٌ ( alit )
b. مَوْسِمُ الْجَفَافِ ( usum halodo ), مَوْسِمُ الْمَطَرِ ( usum ngijih ) , رَبِيْعٌ( usum sirung ), خَرِيْفٌ
( usum muguran), شِتَاءٌ ( usum tiris ), صَيْفٌ ( usum panas )
3) Lalawanan harti timbal balik/ sabanding ( converse )
a. زَوْجٌ ( salaki ) lalawanan harti timbal balik reujeung زَوْجَةٌ ( pamajikan )
b. طَبِيْبٌ( dokter ) lalawanan harti timbal balik reujeung مَرِيْضٌ ( pasen )
c. أُسْتَاذٌ ( guru ) lalawanan harti timbal balik reujeung تِلْمِيْذٌ ( murid )
4) Lalawanan harti anu aya hubungan reujeung usik jeung tujul ( reverse )
a. فَوْقَ ( luhur ) lalawanan harti rejeung تَحْتَ ( handap )
b. يَمِيْنٌ ( katuhu/ tengen ) lalawanan harti rejeung يَسَارٌ ( kenca/ kiwa )
c. اْلأَيْمَنُ ( tujul katuhu ) lalawanan
harti rejeung اْلأَيْسَرُ ( tujul
kenca )
d. الشَّرْقُ ( wetan ) lalawanan harti
rejeung الْغَرْبُ (kulon )
e. الشِّمَالُ (kaler ) lalawanan harti rejeung الْجَنُوْبُ (kidul )
f. خُرُوْجٌ ( kaluar ) lalawanan harti rejeung دُخُوْلٌ ( kalebet )
e. الشِّمَالُ (kaler ) lalawanan harti rejeung الْجَنُوْبُ (kidul )
f. خُرُوْجٌ ( kaluar ) lalawanan harti rejeung دُخُوْلٌ ( kalebet )
الأَضْدَادُ
مِنَ الصِّفَاتِ
Kecap Lalawanan tina pirang-pirang kecap sipat:”
gede, ageung ( كَبِيْرٌ ) X leutik, alit ( صَغِيْرٌ )
jangkung ( اْلعَالِى ) X pendek ( اْلمُنْخَفِضُ )
panjang ( طَوِيْلٌ ) X pondok (قَصِيْرٌ )
lempeng ( مُسْتَقِيْمٌ ) X bengkok ( مُعْوَجٌّ ).
leres ( مُصِيْبٌ ) X lepat ( مُخْطِئٌ )
leres ( صَوَابٌ ) X lepat ( خَطَأٌ )
bener, jujur ( صَادِقٌ ) X bohong, wadul ( كَاذِبٌ )
sae ( حَسَنٌ
) X awon ( سَيِّئٌ )
alus ( الْخَـيِّرُ
) X goreng ( الْخَبِيْثُ )
alus ( جَمِيْلٌ ) X goreng ( قَبِيْحٌ )
bageur ( صَالِحٌ ) X jahat ( طَالِحٌ )
dipuji, kapuji ( مَحْمُوْدٌ ) X dicawad, dicempad,
kacawad, kacempad ( مَذْمُوْمٌ ).
caang ( مُضِيْئٌ
) X poek ( مُظْلِمٌ )
suminar caang ( مُضِئٌ
) X burem ( ضَئِيْلٌ
)
teuas ( شَدِيْدٌ ) X hipu ( لَيِّنٌ )
weuteuh, anyar ( جَدِيْدٌ ) X heubeul ( قَدِيْمٌ )
luhur ( اْلأَعْلٰى ) X handap ( اْلأَسْفَلُ )
nyambung ( مُتَّصِلٌ) X papisah ( مُنْفَصِلٌ )
halabhab, hanaang ( عَطْشَانٌ) X Seger, sugema ( رَيَّانٌ )
padet ( جَامِدٌ) X encer ( مَائِعٌ )
maju, majeng ( مُتَقَدِّمٌ) X Mundur ( مُتَأَخِرٌ )
ngarepotkeun, ngawaleskeun ( مُتْعِبٌ) X ngagenahkeun ( مُرِيْحٌ )
baseuh ( رَطْبٌ) X tuus, garing ( يَابِسٌ )
hawek, sarakah, toma ( طَامِعٌ) X nampi, narima ( قَانِعٌ )
sopan ( أَدِيْبٌ) X henteu sopan ( وَقِحٌ )
cicingeun ( الصَّمُوْتُ ) X cerewet, bawel ( اْلِمهْذَارُ ).
tingtrim, tengtrem ( اْلمُطْمَئِنُّ ) X guligah, marudah ( اْلقَلِقُ )
pinuh ( مَلآنٌ ) X kosong ( فَارِغٌ )
rea, loba, seueur ( كَثِيْرٌ ) X saeutik, sakedik ( قَلِيْلٌ )
lega ( وَاسِعٌ ) X heureut, heurin ( ضَيِّقٌ )
kandel, kedeplik, kendewil ( غَلِيْظٌ ) X ipis ( رَقِيْقٌ )
gancang, cepet ( سَرِيْعٌ ) X laun, kendor, lila, teu gancang ( بَطِيْءٌ )
lintuh ( سَمِيْنٌ ) X kejeng, begang, kuru, langsit ( هَزِيْلٌ )
lintuh ( سَمِيْنٌ ) X begang ( نَحِيْفٌ )
beurat, abot, bangga ( ثَقِيْلٌ ) X hampang ( خَفِيْفٌ )
bagja ( سَعِيْدٌ ) X cilaka ( شَقِىٌّ )
bentet, seubeuh, wareg ( شَبْعَانٌ ) X lapar, haranga ( جَوْعَانٌ ).
agul, adigung ( مُتَكَبِّرٌ ) X tawadhu',
depe-depe, handap asor , teu adigung ( مُتَوَاضِعٌ ).
Umum ( الْعَامُّ ) X husus ( الْخَاصُّ )
rugi, rugel ( الْخَاسِرُ ) X untung, mucekil ( الرَّابِحُ )
beresih ( نَظِيْفٌ ) X kotor ( وَسِخٌ ).
gampang, babari ( سَهْلٌ ) X hese, susah, sesah, angel ( صَعْبٌ
).
Kuat, kiat (قَوِيٌّ ) X hengker, leuleus, euweuh tanaga ( ضَعِيْفٌ ).
kawasa, mampuh (قَادِرٌ ) X hengker, apes ( عَاجِزٌ ).
mulya ( عَزِيْزٌ ) X hina, taya hargaan ( ذَلِيْلٌ )
herang, bersih ( صَافِىٌ ) X kiruh ( كَدِرٌ )
deukeut, caket ( قَرِيْبٌ ) X jauh, tebih ( بَعِيْدٌ ).
tumut, taat, satia ( الطَّائِعُ ) X ngarempak ( اْلعَاصِى ).
balabah, ( سَخِىٌّ ) X koret, medit ( بَخِيْلٌ )
balabah ( عَمِيْقٌ ) X medit ( ضَحْلٌ )
anu mangpaat ( نَافِعٌ ) X anu ngabahayakeun, madarat ( مُضِرٌّ
).
mere mangpaat ( مُفِيْدٌ ) X madarat, picilakaeun ( مُضِرٌّ ).
beunghar ( اْلغَنِيُّ ) X miskin ( اْلفَقِيْرُ )
pinter ( مَاهِرٌ ) X bodo ( جَاهِلٌ )
pinter, cakep, boga elmu ( عَالِمٌ
) X bodo, boloho, tolol ( جَاهِلٌ )
pinter, calakan, encer uteuk ( ذَكِيٌ
) X bodo, boloho, tolol ( غَبِىٌّ )
Rajin, getol ( مُجْتَهِدٌ ) X kedul, ngedul, wegah,
hoream ( كَسْلَانٌ )
wanian ( شُجَاعٌ ) X sieunan, borangan ( جَبَانٌ )
leuwih, liwat, langkung ( زَائِدٌ
) X kurang, kirang ( نَاقِصٌ )
Sampurna, jatnika ( كَامِلٌ ) X kurang, kirang ( نَاقِصٌ )
jelas, eces, tetela (
وَاضِحٌ ) X hese, sulit, bangga, angel ( غَامِضٌ )
jelas, eces, tetela (
ظَاهِرٌ ) X samar, saru, remeng-remeng ( خَفِىٌّ )
cageur, pangestu, ( صَحِيْحٌ ) X gering, udur, teu damang ( مَرِيْضٌ
)
seneng, gumbira, teu
susah ( مَسْرُوْرٌ ) X susah, sesah ( حَزِيْنٌ
)
gampang, babari ( يَسِيْرٌ ) X hese, susah, sesah ( عَسِيْرٌ
)
henteu dipikanyaho,
teu dipikaterang, teu diuninga ( مَجْهُوْلٌ
) X dipikanyaho,
dipikaterang, diuninga ( مَعْلُوْمٌ )
ditarima, ditampa,
ditampi ( مَقْبُوْلٌ ) X ditolak, ditampik, teu ditarima ( مَرْدُوْدٌ )
riweuh, paciweuh, loba
gawe ( مَشْغُوْلٌ ) X ngaligeuh,nganggur, teu boga pagawean/pacabakan ( عَاطِلٌ )
nenjo, nempo, ningali ( اْلبَصِيْرُ ) X lolong, teu nenjo ( الْأَعْمٰى
)
nyarita, ngomong,
nyarios, ngadawuh ( مُتَكَلِّمٌ ) X pego,
pireu, teu bias ngomong ( أَبْكَمٌ )
ngadenge, nguping, ngarungu, ngadangu ( السَّمِيْعُ ) X torek, teu bias ngarungu ( الْأَصَمُّ
)
seukeut ( حَادٌّ ) X mintul, kodol ( كَلِيْلٌ )
mahal, awis ( غَالٍ ) X murah, mirah (رَخِيْصٌ )
panas ( حَارٌّ ) X tiis, tiris ( بَارِدٌ )
jero ( عَمِيْقٌ ) X deet ( ضَحْلٌ )
Cara nempatkeun mufrodat tina pirang-pirang kecap sipat di luhur nyaeta:”
Kahiji: janten na'at atawa shifat, contona:
( رَأَيْتُ
رَجُلًا كَرِيْمًا ) = pribados parantos
ninggal ka hiji lalaki anu balabah.
( عِنْدِي
كِتَابٌ مُفِيْدٌ ) = pribados kagungan buku anu mangfaat.
( أَذْهَبُ
إِلَى المَكَانِ البَعِيْدِ ) = pribados angkat ka tempat anu tebih.
Tilu kecap conto di
luhur, nyaeta ( كَرِيْمًا ),
( مُفِيْدٌ ) jeung ( البَعِيْدِ )
ngagaduhan kalungguhan salaku na'at/shifah (anu nyipatan) kacap anu miheulaanna
(man`utna/anu disipatana), jeung nuturkeun dina harkat tungtungna dina i`robna jeung
aya henteuna alif lam.
Kadua: janten khobar tina mubtada, contona:
( البُسْتَانُ جَمِيْلٌ ) = keboning endah.
( الوَرَقَةُ
خَفِيْفَةٌ ) = kertasing ipis.
Kecap ( جَمِيْلٌ ) jeung ( خَفِيْفَةٌ ) dina conto di luhur fungsina salaku khobar, jeung mubtada-na nyaeta kecap anu kahiji/ mimiti.
Mugia aya manfa`atna
pikeun urang Sunda khususna umumna pikeun sadunya …tong hilap hadiah al-fatihah
kanggo anu nyeratna. nyatana ka pangersana Kang
H.M.A.Sufyan bin Hasanuddin as-Sundawi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar