*** Tutur pitutur ukhrowi
Wajibning diri miceun tahalli
Miceun napsu satoni, setani
Digindingan damayanti ku takhalli
Mangkade ngaku bhama Robbani
Teguh pancuhkeun dugi ka mati
Dimana tamat balikan deui
*** Sugih mukti jembar harti
jantenkeun munasabah diri
ku teras-terasan ngagosok ati
Sangkan hasil dzikir wening ati
tina sapiri nafsu manusawi
Nu mangrupi nirca dunyawi
Nu miyuni kawas yuni tai
*** Allahu Badiran
Ti kawit dugi kiwari didzikiran
Ku insan sakuliah alam
Malah mandar kakasih Gamparan
Wayang wuyungan ka Pangeran
Palay tepang di pasamoan
Tangen Tajalli Allah di kalanggengan
*** Dimana titis tulis tos pasti
Nohonan gentraan ilahi
Mangsa sukma ninggalkeun jasmani,
Roh udar tina badani.
Maot kasebat ku jalmi
Mulasara dugi masihan ciri
Ku paesan di sugriyaning nagri
*** Malak ruman sasanggeuman:
Tah boeh ngajadi buku
Rema ngajadi pulpen
Ludah ngajadi mangsi
Jempol ngajadi tekenan
Ieu bukti katajallian
Pibalikeun di alam katukuan
*** Ranjug ngaranjug batiniyah
Dipiwarang nyerat `amaliyah
Hade, goreng dugi sarakah
Di sagedengeun jabaniyah
Nu isin nyerat digendir ku rumaniyah
Dugika meubeus kajero lemah
*** Jerit ngadoa kanu Kagungan
Kawisesaan Nu Murbeng alam
Minangsaraya ka ilahiyahan
Pitandang Allah mangka datang
Kanjeng Nabi Nyafaatan
Yang Manon ngadawuhan:
“Tangen Tajalli Allah salaku tambihan”
jantenkeun munasabah diri
ku teras-terasan ngagosok ati
Sangkan hasil dzikir wening ati
tina sapiri nafsu manusawi
Nu mangrupi nirca dunyawi
Nu miyuni kawas yuni tai
*** Allahu Badiran
Ti kawit dugi kiwari didzikiran
Ku insan sakuliah alam
Malah mandar kakasih Gamparan
Wayang wuyungan ka Pangeran
Palay tepang di pasamoan
Tangen Tajalli Allah di kalanggengan
*** Dimana titis tulis tos pasti
Nohonan gentraan ilahi
Mangsa sukma ninggalkeun jasmani,
Roh udar tina badani.
Maot kasebat ku jalmi
Mulasara dugi masihan ciri
Ku paesan di sugriyaning nagri
*** Malak ruman sasanggeuman:
Tah boeh ngajadi buku
Rema ngajadi pulpen
Ludah ngajadi mangsi
Jempol ngajadi tekenan
Ieu bukti katajallian
Pibalikeun di alam katukuan
*** Ranjug ngaranjug batiniyah
Dipiwarang nyerat `amaliyah
Hade, goreng dugi sarakah
Di sagedengeun jabaniyah
Nu isin nyerat digendir ku rumaniyah
Dugika meubeus kajero lemah
*** Jerit ngadoa kanu Kagungan
Kawisesaan Nu Murbeng alam
Minangsaraya ka ilahiyahan
Pitandang Allah mangka datang
Kanjeng Nabi Nyafaatan
Yang Manon ngadawuhan:
“Tangen Tajalli Allah salaku tambihan”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar